Rabu, 17 Juni 2015

CONTOH SYAIR BASA SUNDA

PASADUAN
Sanggian : Aip Saripudin, S.Pd.I.

Pun, paralun sampurasun
Ka anu nunggal di kalanggengan
Anu langgeng dina nunggalna
Anu ngawasa hirup jeung hurip
Anu ngawasa euweuh jeung aya
Anu ngabogaan sakabaeh jagat
Anu ngabogaan sakabeh alam

Pun,  paralun

Ka sakur anu diluhur
Anu Nunggal
Ka nu nyangking kawening
Nu ngagem wewenang
Nu nunggal kawasa

Pun
Tabe Pun!

Kasakabeh nu dihandap
Ka sakabeh
Nu kumelip anu arusik
Nu ngawaruga dina wujud sewang- sewangan

Ka sakabeh
Nu garedag nu lumampah
Nua hirup jadi pangeusi
Nyaricingan jagat ieu
Nyaricingan alam ieu !

Ka sakabeh
Nu ka deuleu teu ka ambeu
Nu kaambeu tapi teu aya
Nu araya tapi euweuh
Nu areuweuh tapi jaronghok
Nu narindak henteu napak
Nu nyoara teu ngarupa
Ka sakabeh karuhun
Luluhur galuh jeung sunda
1. Resi Guru Manikmaya
2. Raja Putra Suraliman Sakti
3. Rahiyang Jalu Kadiawan
4. Dahiang Galuh Kadiawati
5. Rahiyang Wreti Kandayun
6. Rahiyang Rawunglangit
7. Rahiyang Sempak Waja
8. Rahiyang Jantaka
9. Rahiyang Mandiminyak
10. Rahiyang Seuweu karma
11. Prabu Terus Bawa
12. Rahiyang Sanjaya
13. Rahiyang Warok Sangmanarah Ciwung Wanarah
14. Rahiyang Banga
15. Rahiyang Darmasiksa Patanjala
16. Prabu wangi Lianggabuana Wisesa
17. Prabau Wastukencana
18. Prabu Dewa Niskala
19. Prabu Susuk tunggal
20. Prabu Siliwangi Sribaduga Maharaja Ratu Haji di Pakuan Pajajaran
21. Sanghiyang Maharaja Cipta Permana Prabu Digaluh Salawe
22. Adipati Panaekan
23. Prabu Dimuntur
24. Tanduran Gagang
25. Sang Raja Cita
26. Wiraperbangsa (Singaperbangsa 1)
27. Apun Kanduruan Tambakbaya (Singaperbangsa 2)
28. Apun Kanduruan Pager Gunung (Singaperbangsa 3)
29. Apun Kanduruan Wirasuta (Singaperbangsa 4)

Pun sapun
Neda ampun nya paralun
Neda jembar pangampura
Nyusud catur nu kapungkur
Mapay laratan baheula
Nya ayeuna pisan
Seja mintonkeun pangabakti
Tawis katresna ka lemah cai

Pakeun tanjeur di buana
Pakeun jaya di juritan
Pakeun sunda galuh nu sawawa

Run turun jati rahayu Bral datang banjaran bagja
Cag…….