Contoh cerita perjalanan (Lalampahan)
“Lalampahan ka Situs sejarah Ciung
Wanara”
Dinten
rebo kaping 10 Juni 2015, kuring mangkat ka Situs sejarah Karangkamulyan
sabada lohor. Kuring mangkat ti Cisaga
dugi ka Karangkamulyan
tabuh hiji. Di Karangkamulyan salah sahiji nu munggaran kapanggih nya eta goong
gede tanda Perdamaian Dunia.
Saengeus mayar karcis, lalampahan di situs Karangkamulyan diteruskeun ka
Pangcalikan.
Palinggih
(pangcalikan). Panglinggih mangrupa hiji batu bertingkat-tingkat boga warna
bodas sarta ngawangun segi opat. Kaasup kana golongan Yani (tempat pamujaan)
anu tempatna tibalik dipake pikeun altar.
Dihandapeun
Yani kasebut aya sawatara batu leutik anu saolah-olah minangka panyangga.
Kukituna mere gambaran kawas hiji dolmen (kubur batu) tempatna aya dina hiji
struktur tembok anu rubakna 175 x 5 meter.
Ti dinya teras mapah dugi ka Makam Sanghyang Bedil.
Tempat anu
disebut “Sanghyang Bedil” mangrupa hiji rohangan anu dikurilingan ku tembok
kurang leuwih 80cm. Panto nyanghareup ka beulah kaler. Dihereup panto asup aya
struktur batu anu fungsina minangka aling (schuter). Dijero rohangan ieu aya
dua buah menhir anu perenahna diluhur taneuh unggal ukurannana 69 cm x 40 cm
sarta 20 x 8 cm. Bentukna nempokeun talari megalitik.
Nurutkeun
masyarakat kira-kira “Sanghyang Bedil” bisa dijadikeun pertanda datangna hiji
kajadian utama lamun ditempat eta ngaluarkeun hiji letusan. Tapi ayeuna pertanda
eta geus euweuh deui.
Saentos ti
Sanghyang bedil, lalampahan diteraskeun ka tempat panyabungan hayam (tempat
ngadu hayam).
Tempat ieu
perenahna dipelebah kidul ti lokasi “Sanghyang Bedil” kira-kira 5 meter
jarakna. Ti panto asup nyaeta mangrupa rohang kabuka.
Masyarakat
nganggap tempat ieu mangrupa tempat sabung hayam Ciung Wanara jeung hayam raja.
Salian eta mangrupa tempat khusus jang milih raja anu dilakukeun ku sistim demokrasi.
Ti panyabungan hayam lalampahan di Situs Karangkamulyan teh diteraskeun ka
panyandaan.
Bagun
tina menhir jeung dolmen lokana dilingkung
ku batu nu nyusun anu mangrupikeun struktur
tembok. Ukuranna 120 x 30 cm. Mun ceuk carita tempat ieu mangrupa tempat
dilahirkeunnana Ciung Wanara. Ditempat eta Ciung Wanara dilahirkeun ku Dewi
Naganingrum. Dewi Naganingrum
nyanda (nyandar) dina ieu loka. Masyarakat ngabogaan mitos kana tempat
ieu. Sabagena masyarakat percaya aya ibu-ibu anu acan boga budak jeung hayang
boga budak, kudu nyandar ditempat eta.
Ti Panyandaan, bari istirahat lalampahan kuring ka Cikahuripan.
Diloka ieu teu
aya tanda-tanda ayana paninggalan arkeologis. Tapi ngan mangrupakeun sumur nu
tempatna deukeut jeung dua walungan nyaeta Citanduy jeung Cimuntur. Sumur ieu disebut
Cikahuripan nu eusina cai kahuripan. Sumur ieu mangrupakeun sumur abadi. Artina
can pernah saat sapanjang taun.
Tidinya diteraskeun
ka Makam Adipati Panaekan.
Di loka makam
Adipati Panaekan ieu teu aya ciri-ciri ayana paninggalan arkeologis. Ngan
mangrupa urutan batu walungan. Dipati panaekan nyaeta raja galuh gara Tengah
anu aya di Cineam jeung meunang gelar Adipati ti Sultan Agung Raja Mataram.
Abi
sareng Tika anjog dugi ka patimuan Sipatahunan.
Diditu
abi sareng Tika seueur
ningali monyet sato anu di lindungi ku Pamarentah Kabupaten Ciamis.
Carita Ciung Wanara ti Karangkamulyan
Numutkeun carita ti pamandu (guide) di situs Karangkamulyan, carita Karangkamulyan teh kinten-kinten spaertos kieu:
“Kacaturkeun di Karajaan Galuh. Anu ngaheuyeuk dayeuh waktu harita téh nya éta Prabu Barma Wijaya kusumah. Anjeunna boga permaisuri dua. Nu kahiji Déwi Naganingrum, ari nu kadua Déwi Pangrenyep. Harita duanana keur kakandungan.
Barang nepi kana waktuna, Déwi Pangrenyep ngalahirkeun. Budakna lalaki kasép jeung mulus, dingaranan Hariang Banga. Tilu bulan ti harita, Déwi Naganingrum ogé ngalahirkeun, diparajian ku Déwi Pangrenyep. Orokna lalaki deuih. Tapi ku Déwi Pangrenyep diganti ku anak anjing, nepi ka saolah-olah Déwi Naganingrum téh ngalahirkeun anak anjing. Ari orok nu saéstuna diasupkeun kana kandaga dibarengan ku endog hayam sahiji, terus dipalidkeun ka walungan Citanduy.
Mireungeuh kaayaan kitu, Sang Prabu kacida ambekna ka Déwi Naganingrum. Terus nitah Ki Léngsér supaya maéhan Déwi Naganingrum, lantaran dianggap geus ngawiwirang raja pédah ngalahirkeun anak anjing. Déwi Naganingrum dibawa ku Léngsér, tapi henteu dipaéhan. Ku Léngsér disélongkeun ka leuweung anu jauh ti dayeuh Galuh.
Ari kandaga anu dipalidkeun téa, nyangsang dina badodon tataheunan lauk Aki jeung Nini Balangantrang. Barang Aki jeung Nini Balangantrang néang tataheunanana kacida bungahna meunang kandaga téh. Leuwih-leuwih sanggeus nyaho yén di jerona aya orok alaki anu mulus tur kasép. Gancangna budak téh dirawu dipangku, dibawa ka lemburna nya éta Lembur Geger Sunten, sarta diaku anak.
Kocapkeun budak téh geus gedé. Tapi masih kénéh can dingaranan. Hiji poé budak téh milu ka leuweung jeung Aki Balangantrang. Nénjo manuk nu alus rupana, nanyakeun ka Aki Balangantrang ngaranna éta manuk. Dijawab ku Aki éta téh ngaranna manuk ciung. Tuluy nénjo monyét. Nanyakeun deui ngaranna. Dijawab deui ku Si Aki, éta téh ngaranna wanara. Budak téh resepeun kana éta ngaran, tuluy baé ménta supaya manéhna dingaranan Ciung Wanara. Aki jeung Nini Balangantrang satuju.
Ayeuna Ciung Wanara geus jadi pamuda anu kasép sarta gagah pilih tanding. Ari endogna téa, disileungleuman ku Nagawiru ti Gunung Padang, nepi ka megarna. Ayeuna geus jadi hayam jago anu alus tur pikalucueun.
Dina hiji poé, Ciung Wanara amitan ka Aki jeung Nini Balangantrang, sabab rék nepungan raja di Galuh. Inditna bari ngélék hayam jago téa. Barang nepi ka alun-alun amprok jeung Patih Purawesi katut Patih Puragading. Nénjo Ciung Wanara mawa hayam jago, éta dua patih ngajak ngadu hayam. Ku Ciung Wanara dilayanan. Pruk baé hayam téh diadukeun. Hayam patih éléh nepi ka paéhna. Patih dua ngambek, barang rék ngarontok, Ciung Wanara ngaleungit. Dua patih buru-buru laporan ka raja.
Ari Ciung Wanara papanggih jeung Léngsér. Terus milu ka karaton. Nepi ka karaton, Ciung Wanara ngajak ngadu hayam ka raja. Duanana maké tandon. Lamun hayam Ciung Wanara éléh, tandonna nyawa Ciung Wanara. Sabalikna lamun hayam raja nu éléh, tandonna nagara sabeulah, sarta Ciung Wanara baris dijenengkeun raja tur diaku anak.
Gapruk baé atuh hayam téh diadukeun. Lila-lila hayam Ciung Wanara téh kadéséh, terus kapaéhan. Ku Ciung Wanara dibawa ka sisi Cibarani, dimandian nepi ka élingna. Gapruk diadukeun deui. Keur kitu datang Nagawiru ti Gunung Padang, nyurup kana hayam Ciung Wanara. Sanggeus kasurupan Nagawiru, hayam Ciung Wanara unggul. Hayam raja éléh nepi ka paéhna.
Luyu jeung jangjina Ciung Wanara dibéré nagara sabeulah, beulah kulon. Dijenengkeun raja sarta diaku anak ku Prabu Barma Wijaya Kusumah. Ari nagara anu sabeulah deui, beulah wétan dibikeun ka Hariang Banga.
Ku kabinékasan Ki Léngsér, Ciung Wanara bisa patepung deui jeung indungna nya éta Déwi Naganingrum.
Lila-lila réka perdaya Déwi Pangrenyep téh kanyahoan ku Ciung Wanara. Saterusna atuh Déwi Pangrenyep téh ditangkep sarta dipanjarakeun dina panjara beusi.
Hariang Banga kacida ambekna basa nyahoeun yén indungna geus dipanjara ku Ciung Wanara. Der atuh tarung. Taya nu éléh sabab sarua saktina. Tapi lila-lila mah Hariang Banga téh kadéséh ku Ciung Wanara. Hariang Banga dibalangkeun ka wétaneun Cipamali. Tah, harita kaayaan Galuh jadi dua bagian téh. Kuloneun Cipamali dicangking ku Ciung Wanara. Ari wétaneunana dicangking ku Hariang Banga”.
Saprak ngadangu eta carita kuring mendak elmu anu nyangkut paut daerah sorangan nyaeta Ciamis. Saentos ngupingkeun sajarah eta ti pamandu kuring mulang ka tempat karang pamidangan, nepi ka rorompok.kinten-kinten tabuh satengah.tilu.